Loading...
You are here:  Home  >  Linguistik  >  Basa Sunda  >  Current Article

Étika jeung Étikét di Masarakat Sunda

By   /  February 12, 2016  /  No Comments

    Print       Email

sumber gambar: http://altundo.com

 

Oleh: Hawé Setiawan*

Aya étika (ethics), aya étikét (etiquette). Ngala gampangna, étika téh élmuna, ari étikét mah pituduh prak-prakanana. Naon nu hadé naon nu goréng, mana nu pantes mana nu teu merenah, éta urusan étika. Kumaha hadéna, kumaha pantesna, éta urusan étikét anu sok disebut ogé adat kabiasaan, tata krama, tata titi duduga peryoga, atawa adab-adaban. Étika ngimpleng ajén-innajén, niléy-niléy. Étikét nuduhkeun carana jalma ngajénan dirina jeung sasamana. Étika ayana dina haté jeung pikiran, minangka wangunan ahlak. Étikét ngawujud dina paripolah sapopoé nu katémbong.

Contona  kieu: numutkeun implengan étika, mun urang boga suku mangka éta sakadang suku ulah satincak-tincakna lamun lain tincakeunana. Numutkeun étikét nu luyu jeung éta, mun suku urang ngaléngkah ka taneuh batur, hadéna mah urang téh pupuntenan heula, neda widi, ngiring ngalangkung.

Dina karyana nu kawéntar, Bab Adat-adat Urang Priangan jeung Urang Sunda lian ti éta (1913), Haji Hasan Mustapa nétélakeun hartina kecap “adat” dina basa Sunda:

“Basa adat asal kecapna basa Arab, Sundana: biasa, jamak, ilahar; hartina: sagala hal nu tetep atawa mindeng tumerapna dina anu boga nyawa, saperti hadé nyebut ‘kuda alus adatna’ atawa ‘goréng adatna’;  tara dipaké kana kayu watu atawa lianna. Jadi basa Arab adat méh sarua jeung tabé’at.

Kaweruh dina hal étika, jeung kamampuh dina ngalarapkeun étikét,  jadi tuduh kamajuan masarakat, jadi ciri bukti kaadabanana. Boh étika boh étikét, ilaharna tumuwuh dina pakalangan hirup kumbuh balaréa di lingkungan budaya nu écés wates wangenna. Nu disebut adat kabiasaan jeung tata krama teh hasil campur gaul ti antara papada jalma dina kamekaran hirupna, nu geus matuh, ngawangun pola, diwariskeun ti nini-aki ka anak, incu, jeung buyutna.

Enya gé teu babari, puguh baé sok aya robahna, luyu jeung robahna tepak kendang pajamanan, surup jeung robahna gék-gékan kahirupan. Jaman baheula rahayat sok ngabasakeun manéh minangka “abdi dalem” atawa “dampal dalem” ka bupati nu dianggap “pangawulaan.” Jaman ayeuna mah cukup ku ngabasakeun manéh “simkuring” baé, rek ka bupati rek ka presiden, anu dianggap pagawé publik purah ngurus kapentingan rahayat, lain tukang olo-olo nu resepna dikawulaan.

Aya sababaraha bahan bacaan ngeunaan adat-istiadat urang Sunda. Misalna, Tata Krama Urang Sunda yasana D.K. Ardiwinata, Bab Adat-adat Urang Priangan jeung Urang Sunda lian ti éta yasana Haji Hasan Mustapa, jeung Pandangan Hidup Orang Sunda seperti Tercermin dalam Tradisi Lisan dan Sastra Sunda yasana Suwarsih Warnaén. Keur nu rajeun ngimpleng perkara adat kabiasaanana masarakat Sunda, buku-buku samodel kitu tinangtu perlu dibaca.

Upama urang ngalenyepan buku-buku nu kasebut bieu, aya sababaraha jalan pikeun medar tata krama urang Sunda téh. Nu kahiji, cara nu nyampak dina bukuna Daeng Kanduruan Ardiwinata, tata krama téh dipedarna minangka atikan keur balaréa. Nu kadua, sakumaha nu katémbong tina bukuna Hasan Mustapa, tata krama atawa adat kabiasaan téh dipedar sacara étnografis dumasar kana katelik nu niténanana. Nu katilu, cara nu katémbong tina panalungtikan Suwarsih Warnaén, étika katut adat kabiasaan téh dipedar dumasar kana kabeungharan budayana. Tiluanana sarua pentingna.

Kuring sakuringeun boga anggapan, yén dina seuhseuhanana mah, jalan pangpentingna pikeun mikawanoh étika katut étikét di masarakat Sunda téh nya basa Sunda. Sing saha nu aya karep ngulik adat kabiasaan urang Sunda, nya teu bisa henteu kudu ngulik basa Sunda. Dina basa Sunda pisan, ajén-inajén, sawangan hirup, étika urang Sunda teh namperna. Cindekna, Sunda téh ku basana.

Geura hayu urang lenyepan, minangka contona, ungkara nu remen pisan kalisankeun dina campur gaul sapopoé. Mun dina basa Inggris aya “how are you,” cara “apa kabar” dina basa Indonesia, kapan di Sunda mah aya “kumaha damang.” Sacara umum mah, éta babasan sapopoé téh saharti: nanyakeun kaayaan diri pribadi nu ditanya. Jawaban anu prah kapan sarua deuih: “fine,” “baik,” “sae.” Tapi mun urang rajeun ngimpleng deui babasan nu nanya tadi, aya nuansa nu béda ti antara ungkara nu tilu tadi. Dina basa Sunda nu ilahar mah geuning nu ditanyakeun téh perkara “damang.” Ari damang téh “cageur” téa alias “séhat” atawa “waras.” Brasna ka dua perkara: séhat lahir jeung séhat batin, waras badan jeung waras pipikiran. Moal boa éta téh nuduhkeun yén numutkeun sawangan hirup urang Sunda mah, perkara nu pohara pentingna dina kahirupan jalma téh nyaéta “cageur,” boh cageur ragana boh cageur batinna. Ari geus écés cageurna mah, mudah-mudahan ka dituna bageur, terus bener, tur pinter. Nu matak, mun nu ditanya “kumaha damang” teh ngajawabna “ari awak mah cageur.” Nu nanya tangtu surti yén nu ditanya téh horéng keur marungkawut pipikiranana.

Pon kitu deui, minangka conto lianna, dina kekecapan nu ilahar dilisankeun ka tatangga. Di unggal lingkungan masarakat di sakuliah dunya puguh baé aya kabiasaan silih bagéakeun ti antara papada jalma nu dareukeut, nu papada jadi batur salembur. Ngan baé, carana béda-béda, tur ku kituna nuduhkeun aya nu béda dina sawangan hirupna. Geura wé, di sawatara wewengkon dunya mah, teu ilahar jalma nanya ka tatanggana nu patali jeung urusanana masing-masing. Cukup nyebut “good morning,” “hi,” atawa nu leuwih informal “how are you doing.” Ari di lembur urang kapan ilahar jalma silih tanya “badé angkat ka mana” atawa “mulih ti mana.” Najan ukur lalambé, basa-basi, dina harti teu kudu dijawab enya-enya, cukup ku “badé ka payun” (geus tangtu indit mah ka hareup), tapi ungkara samodel kitu dina seuhseuhanana mah miang tina étika urang Sunda anu nganggap penting urang maliré di mana ayana batur salembur, keur naon gawéna, ka mana jigna, ti mana jolna.

Kitu carana masarakat di lembur urang silih ajénan jeung pada baturna. Dina lalaguan jazz heubeul ti Louis Armstrong, What a Wonderful World, silih ajénan kitu téh digambarkeunana kieu geuning: “I see friends shaking hands/saying how do you do//But they’re really saying I love You.” Jadi, nu dilisankeunna mah “badé angkat ka mana” atawa “kumaha damang,” tapi jero-jerona mah nu aya nu dikemu, nyaéta “kuring maliré kaayaan salira” atawa “kuring ngajénan salira.”

Conto séjénna katémbong dina kabiasaan pancakaki, nyaéta nanya tina perkara asal-usul jalma nu kakara tepung. Di Tatar Kulon mah teu ilahar jalma nanyakeun urusan pribadi ka jalma lianna nu anyar pinanggih*. Mun tepi ka kitu téh moal boa dianggap teu sopan. Ari lembur urang mah sabalikna: ilahar urang nyanya ka jalma anyar “ti mana kawit,” “tos rimbitan atanapi masih lalagasan,” “sabaraha putra,” jeung sajabana. Upama ku urang dilenyepan, kabiasaan pancakaki modél kitu téh dina seuhseuhanana mah cara urang Sunda dina néangan titik sambung duduluran, pangpangna mah pikeun muguhkeun kumaha pantesna nu nyarita merenahkeun dirina jeung merenahkeun diri nu diajak nyarita: naha kudu ngabasakeun “Aceuk,” “Adi,” “Uwa,” jeung sabangsana. Ngarah teu kararagok nyarita.

Eta sawatara conto basajan baé tina étika hirup sapopoé nu tumuwuh di Tatar Sunda ti baheula tug nepi ka kiwari. Tétéla, basa Sunda téh ngawadahan rupaning hal nu tumali kana étika katut tata krama urang Sunda.***

 

*) Penulis adalah Ketua Lembaga Budaya Sunda (LBS), Universitas Pasundan. Artikel ini pernah disampaikan pada acara “Peningkatan Kemampuan Basa Sunda bagi Remaja” yang diselenggarakan Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat, 29 Juli 2015.

    Print       Email

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

You might also like...

Putusan Ajib Pikeun Perkara Ahéng

Read More →
%d bloggers like this: