Loading...
You are here:  Home  >  Linguistik  >  Basa Sunda  >  Current Article

Putusan Ajib Pikeun Perkara Ahéng

By   /  January 21, 2018  /  No Comments

    Print       Email

 

Aya dua lalaki nu ngadukeun hiji masalah ka qodi. Salah sahijina cumarita, “Sim kuring éstu meuli sacangkéwok taneuh ti tatangga kuring, jang piimaheun. Mangsa kuring keur ngagali éta taneuh geusan nyieun pondasi, geuning bet manggih katél nu pinuh ku emas. Tuluy kuring mikeun éta emas ka inyana, éh, da inyana kalah nampik éta katél. Sabab da kuring mah rumasa ngan ukur meuli sacangkéwok taneuhna, taya hak pikeun miboga éta katél. Nun qodi, sim kuring meredih ka anjeun supaya inyana kersa nampa jeung ngamilik éta katél.”

Pok nu hiji deui némbalan nyarita, “Nun qodi… kuring teu rumaos pisan mendem éta katél, kari-kari ayeuna dititah nampa éta katél, atuh apal gé heunteu. Demi kuring, ngajual sacangkéwok taneuh ka inyana téh éstu jeung eusi-eusina. Anakitu éta mah janten hak nu kagungan taneuh harita kénéh.”

Pangersa qadi ngarasa héran kana ieu perkara, awahing ku ahéngna ieu masalah. Anjeunna uleng-jentul sabari tungkul sakedapan, méméh méré putusan. Teras tanggah semu bungah, laju sasauran, “cenah cék béja budak lalaki manéh dék ngawin budak awewe si éta? Qadi nalék ka lalaki nu manggihan katél di jero taneuh, teras neuteup ka lalaki nu ngajual taneuhna. Atuh lamun kitu mah geus wé éta katél nu pinuh ku emas téh bikeun ka maranéhna. Bral geura arindit bangun damai, sabab ieu urusan téh geus rérés!” pungkas qadi tandes.

Antukna éta dua lalaki rido kana putusan qadi, maranéhhna mulang kalawan bungah jeung pinuh ku rasa sukur.

 

*) Carita diluhur téh mangrupa tarjamahan tina carita anu judulna “Hukumun ‘Ajiibun ‘ala Amrin Ghariibun” (Putusan Ajib Pikeun Perkara Ahéng) dicutat tina kutaébah (kitab ipis) nujudulna Bahru al-Adaab (Jaladri Kasopanan) kenging nyusun Lafiif min Asaatidzah di Mesir. Ditarjamahkeun satarabasna kana basa Sunda ku Sena Zaeni Aqwam, salah sahiji nu ngagagas Komunitas Bangbung Ranggaék jeung buletin Sirung, kataji jeung nalungtik kana kasusastraan Arab. Nganjrek di Pameungpeuk, Bandung.

    Print       Email

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

You might also like...

Sastra, Sensor dan Negara: Seberapa Jauhkah Bahaya Novel?

Read More →
%d bloggers like this: