Loading...
You are here:  Home  >  Linguistik  >  Basa Sunda  >  Current Article

Darwis Aya di Puseur Dayeuh Persia

By   /  January 22, 2018  /  No Comments

    Print       Email

sumber gambar: http://www.aktual.com/

 

Cunduk dina hiji waktu, Darwis* nepi ka Puseur Dayeuh nagri Persia. Ari nepina téh wanci panon poé geus surup.  Atuh kangaranan Darwis téa, teu apal ka sasaha di panyabaan téh, semet bisa ngandelkeun keketrok ka saban panto imah (jalma nu teu dipiwawuh). “Susuganan engke tepung jeung imah nu mimiti di tungtung jalan ieu. Rék milu mondok di éta imah,” gerentes Darwis.

Éh enya baé, di tungtung éta jalan, Darwis manggihan imah gedong nu agréng, kawasna beunang nguriakan ku nu bogana ayeuna, da katingali alus jeung legana téh. Nalika Darwis nepi ka éta imah, tuluy uluk salam, hiji lalaki—kawasna mah nu boga imah—ngawilujengkeun kalayan  suka bungah jeung pinuh panampian, lemes basana gé. Nanging, nalika lalaki éta apal kana pamaksadan Darwis, nu hayang ngadon milu mondok di éta gedong, manéhna nyoba sabisa-bisa sangkan Darwis mawa jalan séjén alias néang pamondokan nu lian. Pirang-pirang cara jeung alesan ditarékahan, tapi keukeuh teu hasil. Antukna manéhna kapalang keuheul, nepikeun ka hahaok, “gedong ieu lain patempatan keur ibnu sabil, indit anjeun kaituh! Téang wé pamondokan  sejen!” cék nu boga imah semu ambek.

“Cik ké heula, Dunungan… sim kuring badé ngajengkeun sababaraha patarosan sateuacan sim kuring mios,” cék Darwis ngulur waktu.

Lalaki éta ngajawab,”Pék, gancangan!”

“Saha nu netep di ieu gedong sateuacan Dunungan?” tanya Darwis. “Nya bapa kuring” jawab lalaki nu boga gedong. “Ari sateuacan tuang rama?” tanya Darwis. “Puguh baé nya aki kuring,” nu boga gedong.

“Ari nu bakal netep di ieu gedong sabada Dunungan?” Darwis nanya deui. “Moal ka sasaha deui, iwal ti budak kuring,” jawab lalaki nu boga gedong tandes. “Ari sabada  tuang putra, Dunungan?” Darwis tuluy nanya. “Tangtu incu kuring,” lalaki nu boga gedong teu jalir jangji, sakabéh pananya ti Darwis diwaler.

“Dunungan, pami sakur nu nganjrek di ieu gedong téh teu netep tumetep ku hiji jalma saendeng-endeng, naha atuh bet teu payus ieu gedong kasebut patempatan keur ibnu sabil téh? Tuang aki, tuang bapa, dunungan ku anjeun, tuang putra sareng tuang incu gé geuning da sami baé, ukur jadi ibnu sabil di marcapada ieu téh.”

Lalaki nu boga gedong mawa nasehat tina kasauran Darwis tadi, antukna mah manéhna bener-bener ngahaturanan Darwis mondok, tur disuguhan kalayan samistina.**

 

*) Darwis téh méh sarua jeung para sufi. Ari Ibnu Sabi mah, jalma nu sok  badarat/musapir, bari seringna mah béakeun bekel di jalan.

**) Carita di luhur téh mangrupakeun tarjamahan tina carita nu judulna Ad-Darwisy fii ’Ashimatil Fursi. Ditarjamahkeun ku Sena Zaeni Aqwam, peminat khazanah literatur Arab tur Anime. Nganjrék di Pameungpeuk, Kab. Bandung.

    Print       Email

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

You might also like...

Jawawut: Ciung Wanara

Read More →
%d bloggers like this: